22/03/2016

Terjemah Matan Kitab Sapinah (Bahasa Sunda 1)




بِسْمِ اللّٰهِ
Ngawitan Abdi ngaos kana ieu kitab Sapinatun naja kalawan nyebat jenengan Alloh
Sifatna Alloh
الرَّحْمٰنِ
Anu maparin ni'mat ageing didunya sareng di akhirat
Sifatna Alloh
الرَّحِيْمِ
Anu maparinan ni'mat Alit di Akhirat wungkul

اَلْحَمْدُ
Ari sadaya puji anu opat
eta
لِلّٰهِ
Tetep kagungan Alloh
Sifatna Alloh
رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .
Anu mangeranan sadaya alam

وَبِهَ
Sareng ka Gusti Alloh wungkul

نَسْتَعِيْنُ
Nyuhunkeun pitulung urang sadaya

عَلٰى اُمُوْرِالدُّنْيَا
Kana mangpirang-pirang perkara dunya

وَالدِّيْنِ .
Sareng perkara agama

وَصَلَّى
Sareng muga-muga masihan rohmat
saha
اللّٰهُ
Gusti Alloh

وَسضلَّمَ
Sareng kasalametan

عَلٰى سَيِّدِنَا
Ka gusti abdi sadayana

مُحَمَّدٍ
Tegesna Kangjeng Nabi Muhammad

خَاتَمِ النَّبِيِّيْنَ
Anu jadi panutup sadaya nabi

وَاٰلِهِ
Sareng kakulawargina Kangjeng Nabi

وَصَحْبِهِ
Sareng ka para shohabatna Kangjeng Nabi

اَجْمَعِيْنَ
Tegesna sadayana

وَلاَحَوْلَ
Sareng teu aya daya upaya

وَلاَقُوَّةَ
Sareng teu aya daya kakiatan

اِلاَّ بِاللّٰهِ
Anging kupitulungna Gusti Alloh
Sipatna Alloh
الغَلِيِّ
Anu maha luhur ieu Alloh
Sifatna Alloh
الغَظِيْمِ .
Anu maha agung ieu Alloh .

فَصْلٌ
Ari ieu hiji pasal buat mertelakeun pirang-pirang rukun islam

ارْكَانُ الاِْسْلاَمِ
Ari pirang-pirang rukun islam
eta
خَمْسَةٌ
Aya lima

شَهَادَةٌ
Kahijina maca sahadat

اَنْ لاَاِلٰهَ
Saenya teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan dina ayana kalawan sabenerna

اِلاَاللّٰهُ
Anging Gusti Alloh

وَاَنَّ مُحَمَّدًا
Sareng saenya-enyana kangjeng nabi muhammad
eta
رَسُوْلُ اللّٰهِ
Utusanna Alloh

وَاِقَامُالصَّلاَةِ
Sareng kaduana ngadeugkeun sholat

وَاِيْتَاءُ الزَّكٰوةِ
Sareng katiluna ngaluarkeun zakat

وَصَوْمَ رَمَضَانَ
Sareng ka opatna puasa dina bulan romadhon

وَحِجُّ الْبَيْتِ
Sareng kalimana munggah haji ka baitulloh

مَنْ
Ka jalma

اِسْتَطَاعَ
Mun kawasa ieu sijalma

اِاَيْهِ
Ka baitulloh

سَبِيْلاً
dijalanna




فَصْلٌ
Ari ieu hiji pasal buat mertelakeun pirang-pirang rukun iman

اَرْكَانُ الاِيْمَانِ
Ari pirang-pirang rukun iman
eta
سِتَّةٌ
Aya genep

اَنْ تُۆمِنَ
Kahijina kudu ngimankeun anjeun

بِاللّٰهِ
Kagusti Alloh

وَمَلاَءِكَتِهِ
Sareng kaduana kapirang-pirang malaikatna Alloh

وَكُتُبِهِ
Sareng ka tiluna kana pirang-pirang kitabna Alloh

وَرُسُلِهِ
Sareng ka opatna kapirang-pirang rosulna Alloh

وَبِالْيَوْمِ الاٰخِرِ
Sareng kalimana kana poe akhir

وَبِالقَدَرِ
Sareng ka genepna kana papasten

خَيْرِهِ
Tegesna alus-alusna papasten

وَشَرِّهِ
Sareng goring-gorengna papasten
eta
مِنَ اللّٰهِ تَعَالٰى
Ti Gusti Alloh ta'ala

No comments:

Post a Comment