22/03/2016

Riwayat Kangjeng Nabi (Nadhom Sunda)



RIWAYAT KANGJEUNG NABI
(NADHOM BAHASA SUNDA)
بسم الله الرحمن الرحيم

1.      Gusti urang sarerea
Kangjeng nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Quraisy nya bangsana
2.      Ramana Raden Abdulloh
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah
Wengi Senen Tahun Gajah

3.      Robiul awwal bulanna
Tanggal ka Dua Belasna
April Bulan Masehina
Tanggal ka-Dua Puluhna
4.      Ari Bilangan Tahunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna

5.      Siti aminah misaur
Waktos Babarna kacatur
Ninggal cahaya mani ngempur
Dibumina Hurung ngempur
6.      Babar taya kokotoran
Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan

7.      Medal Nabi akhir jaman
Pirang-pirang ka anehan
Sesembahan bangsa syetan
Kabeh pada karuksakan
8.      Nabi yuswa lima bulan
Tos tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan
Tos capetang sasauran

9.      Yuswana sapuluh bulan
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian
Tapi tara kumagungan

10.  Parangina Kangjeng Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani
Sobar nyaah kasasami
11.  Nuju opat tahun yuswana
Dibersihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat anu meulahna
12.  Jibril kadua rencangna
Mikail jenengannana
Ngeusikeun kana manahna
Ilmu Himah sapinuhna

13.  Tuluy dada kangjeng Nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Dicap ku khotamin nabi

14.  Harita nabi ayana
Dilembur Ibu Inangna
Halimah jenengannana
Sa'diyah ngaran lemburna
15.  Rama nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi di bobotkeun
Dua sasaih kaunggulan

16.  Keurlima tahun yuswana
Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat eyangna
17.  Kersana Robbul Alamin
Kangjeng nabi nuperihatin
Yuswana dalapan tahun yakin
Eyangna mulih kabathin

18.  Sabada wafat eyangna
Nabi dirawat uwana
Abi Tholib kakasihna
Saderek teges ramana
19.  Kangjeng Nabi sering pisan
Dicandak kanagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya the pajeng pisan

20.  Kacatur di eta nagri
Loba pandita yahudi
Sarta pandita nasroni
Nutepang sareng kangjeng Nabi
21.  Sadayana sasauran
Ieu jalma moal nyalahan
Pinabieun akhir jaman
Toret Injil Tos nGibeuran
22.  Sifat nabi panganggeusan
Aya dianjeunna pisan
Harita loba nu iman
Ka Nabi ngangkeun panutan

23.  Lami-lami kangjeung Nabi
Disambat kuhiji istri
Dagang ka unggal nageri
Kauntunganna dibagi
24.  Istri jenengan khodijah
Putra huwailid katelah
Nu pangbeungharna di Mekah
Ka nabi kalangkung nyaah

25.  Siti Khodijah masrahan
Ka Nabi barang dagangan
Maesaroh nu ngarencangan
Ka Nabi purah nyarengan
26.  Kacarios Maesaroh teh
Loba pamendakna aneh
Ciciren Nabi nu sholeh
Matak ngaherankeun kabeh

27.  Tatangkalan uluk salam
Mega bodas sok mayungan
Sareng aaya cap kanabian
Dina salirana pisan
28.  Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan sareng Maesaroh
Akhirna Siti Khodijah
Ka Nabi mundut di tikah

29.  Harita yuswana Nabi
Salawe tahun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti
Tapi tambah sae ati
30.  Karesepna kangjeng Nabi
Ka Gusti Alloh ngabakti
Digunung hiro maranti
Ibadahna saban wengi

31.  Didinya jol kasumpingan
Jibril nu nurunkeun Qur'an
Kalawan dawuh pangeran
Nabi didamel utusan
32.  Harita yuswana Nabi
Opat puluh tahun kawarti
Di utus ku alloh pasti
Ngembarkeun agama suci

33.  Anu iman pangheulana
Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana
Shohabat anu pang mulyana
34.  Murangkalin nu nonoman
Anu pangheulana iman
Sayyidina Ali pisan
Ka Nab Saderek misan

35.  Jeung ari jalma beulian
Anu pangheulana iman
Sayyidina Bilal kaleureusan
Anu jadi tukang adzan
36.  Ari lolobana pisan
Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiyaya ngajailan
Teu aya pisan ras-rasan

37.  Para shohabat kungsi ngalih
Ka nagri Habsyi nu tebih
Didinya anjeunna linggih
Kira kenging tilu sasih
38.  Samulih shohabat ti Habsyi
Kacarios kangjeung Nabi
Kenging pohara cocobi
Kersana nu maha suci

39.  Uwana sareng garwana
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana
Kalima puluh tahunna
40.  Geus pupus Siti Khodijah
Nikah ka Siti saudah
Sareng ka Siti Aisyah
Umil Mu'minin katelah
as
41.  Tidinya kersa pangeran
Maparinan kamulyaan
Ka Nabi nu akhir jaman
Kakasih nu sipat Rohman
42.  Nuju tanggal tujuh likur
Bulan Rojab anu kacatur
Nurut kaol anu mashur
Kangjeung Nabi teh disaur

43.  Dipapag ku malaikat
Nyandak burok nu kasebat
Leumpangna teh cara kilat
Tunggangangeun  Nabi angkat
44.  Ti Mekah ka Baetal Muqodas
Teu nganggo lami antawis
Ku jalma heunteu ka tawis
Kersana gusti nu wacis

45.  Ti Baetal Muqodas terasna
Naekna tangga kancana
Mi'roj tea kasebatna
Ka langit Nabi sumpingna
46.  Tujuh langit sadayana
Sareng aras nu pang luhurna
Di sumpingan sadayana
Katut surge narakana

47.  Kangjeung Nabi ditimbalan
Ku Gusti nu Sifat  Rohman
Anjeunna kudu netepan
Solat muji kapangeran
48.  Kabeh jalma anu iman
Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran
Heunteu meunang dikurangan

49.  Sholat eta minangkana
Dina agama tihangna
Jalma nu luput sholatna
Nyata rubuh agamana
50.  Kacarios dina jaman
Mi'rojna Nabi panutan
Yuswana teh kaleresan
Lima puluh dua jalan

51.  Kapir Mekah kacaturkeun
Bareung Nabi nyarioskeun
Mi'roj lain dimulyakeun
Anggur pada nyeungseurikeun

52.  Pada hasud ngakalakeun
Ti dinya Alloh ngersakeun
Kangjeung Nabi di alihkeun
Ka Madinah disirnakeun
53.  Para shohabat pirang-pirang
Nu bumela milu iyang
Milu ngalih sewing-sewang
Heunteu pisan sumureang
54.  Tambah kamulyaan Nabi
Di Madinah asal sepi
Jadi rame kunu ngaji
Muji ka nu maha suci

55.  Sapuluh tahun lamina
Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana
Gumebyar kamana-mana
56.  Nagri mekah diperangan
Akhirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan
Yakin lain jijieunan

57.  Ari yuswa kangjeng Nabi
Geunep puluh tilu pasti
Makomna dijero nagri
Madinah nagara suci
58.  Puputrana Kangjeung Nabi
Aya opat anu istri
Siti Jainab anu kahiji
Rukoyah anu hiji deui

59.  Ummi Kulsum anu katiluna
Siti patimah bungsuna
Ari putra nucikalna
Sidna Qosim kakasihna
60.  Sidna Abdulloh rayina
Ibrahim anu katiluna
Eta nugenep putrana
Siti Khodijah putrana

61.  Sidna Ibrohim Ibuna
Mariyah jenengannana
Istri ti Mesir asalna
Tah kitu turunannana
62.  Putra nu pameget kabeh
Pupus Keur aralit keneh
Anu istri carogena the
Para shohabat anu sholeh

63.  Siti Jainab anu carogena
Abul Ash jenengannana
Siti Rukoyah carogena
Sidna Usman mimitina
64.  Geus Siti Rukoyah hilang
Anjeunna turun ka ranjang
Ummi Kulsum putrid lanjang
Ditikah gentos nu hilang

65.  Caroge Siti Patimah
Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu wajhah
Anu kamasyhurkeun gagah
66.  Ari putu Kangjeng Nabi
Dalapan pamegeut istri
Siti Umamah jeung Ali
Ti Siti Jainab kawarti

67.  Ari sidna Abdulloh mah
Putu ti Siti Ruqoyah
Putu ti Siti Patimah
Aya lima kabehannana
68.  Tilu anu pamegetna
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain ka duana
Sidna Muhsin katiluna

69.  Ummi Kulsum anu istrina
Ka Sidna Umar nikahna
Siti Jainab kaduana
Nurut ungeling wartosna

70.  Urang kudu cinta ati
Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaleur istrina
Leuwih tisapuluh pribadi
71.  Weulas asih kanu miskin
Sumawon kabudak yatim
Pada seubeuh ku paparin
Kadaharan jeung pisalin
72.  Akuan ka urang kampong
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung
Sanajan ka urang gunung

73.  Ka nu nyandang kasusahan
Geuring jeung papatenan
Ngalayad sarta ngubaran
Ngajajapkeun ka kuburan
74.  Manis saur manis budi
Estu mustikaning jalmi
Sajagad mo mendak deui
Sae rupi jeung parangi

75.  Raray lir ibarat bulan purnama
Halisna lir katumiri
Waos lir inten biduri
Salira harum wawangi
76.  Estu kersaning pangeran
Lain seungit diminyakan
Keringet pada nandean
Diparake seuseungitan

77.  Sakitu Nabi mulyana
Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun shohabatna
Kalangkung handap asorna
78.  Anggoan keursa lumayan
Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan
Banget pisan dikurangan

79.  Betah dina kamiskinan
Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan
Ngarah karidhoan tuhan
80.  Pirang-pirang mu'jijatna
Tawis kanabiannana
Qur'an nu nomor hijina
Muji'jat nu pangmulyana

81.  Tangkal nu perang daunna
Disiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna
Sarta hirup satuluyna
82.  Domba nu bangeut kuruna
Sartana lepet susuna
Di usap ku pananganna
Nadadak juuh susuna

83.  Dina hiji waktos deui
Sohabat kakirangan cai
Teras bae kangjeung Nabi
Mundut cai anu kari
84.  Cai ngan saketel pisan
Taya deui anu liyan
Nabi neuleumkeun pananganDumadak tuluy manceran

85.  Cai mancer loba pisan
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan
Cukup ku jalma rebuan
86.  Kacatur hiji badewi
Ngadoja ka kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai
Sina ngomong cara jalmi

87.  Tuluy tangkal teh di sauran
Harita ku Kangjeung Rosul
Tangkal dating ngagulusur
Akarna teh digugusur

88.  Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi
Uluk salah cara jalmi
Sanggus kitu balik deui
Katempat asalna tadi
89.  Badewi teh mung kantun heran
Ninggal eta kaanehan
Tuluy bae asup islam
Ka Nabi ngangkeun panutan
90.  Salianna loba deui
Mujijatna Kangjeung Nabi
Mun diwincik hiji-hiji
Keur nulisna moal mahi




No comments:

Post a Comment