17/03/2016

Padilah Surat Yasin (1)



PADILAH SURAT YASIN (1)

Tina Sawarehna hadist-hadist anu nerangkeun kana padhilahna surat yasin.
1.      Hadist Thobroni sareng Ibnu Mardubah kalawan sanad dhoif ti Annas parantos nyarios ieu Annas:
قَالَ رَسُوْلُ اللّٰهِ مَنْ دَاوَمَ عَلٰى قِرَءَةِ يٰس كُلُّ لَيْلَةٍ ثُمَّ مَاتَ مَاتَ شَهِيْدًا
Hartosna: "Saha jalma anu ngalanggeungkeun kana maca surat yasin dina unggal peuting tuluy maot mangka maotna eta syahid".

2.      Hadist Darimi Ti Atho'i bin Abi Robbah parantos ngadawuh ieu Darimi:
بَلَغَنِى اَنَّ رَسُوْلُ اللّٰهِ صَلَى اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ مَنْ قَرَأَ يس فِى صَدْرِالنَّهَارِقُضِيَتْ حَوَاءِجُهُ
Hartosna: "Parantos ngadugikeun ka kaula, Saenya-enyana Kangjeng Rosul parantos ngadawuh sing saha jalma anu maca kana surat yasin dina tengah beurang maka dihasilkeun sagala pangabutuhna".

3.      Hadist Darimi keneh ti Ibnu Abbas, Parantos ngadawuh ieu Ibnu Abbas:
مَنْ قَرَاءَ يٰس حِيْنَ يُصْبِحُ اُعْطِىَ يُسْرَ يَوْمِهِ حَتَى يُمْسِيَ وَمَنْ قَرَاَْهَا فِى صَدْرِ لَيْلَةٍ اُعْطِيَ يُسْرَ لَيْلِهِ  حَتَّى
 يُصْبِهَا .
Hartosna: "Saha-saha jalma anu maca surat yasin dina isuk-isuk maka dipaparin ka gampangan poe eta nepika sore sareung saha jalma anu maca surat yasin dina mimiti peuting maka dipaparin kagampangan peuting eta nepika subuh".

4.      Hadist Baihaqi ti Ibnu Qilabah parantos nyarios ieu ibnu Qilabah:
مَنْ قَرَاَْ يٰس غَفَرَلَهُ وَمَنْ قَرَاَْهَا عِنْدَ طَعَامٍ خَافَ قِلَّتَهُ كَفَاهُ وَمَنْ قَرَاَْهَا عِنْدَ مَيِّتٍ هَوَّنَ وَمَنْ قَرَاَْهَا عِنْدَ اِمْرَاَْةٍ
عَسُرَ عَلَيْهَا وَلَدُهَايَسَّرَعَلَيْهَا وَمَنْ قَرَاَْهَا فَكَاَْنَّمَاقَرَاَْالْقُرْاَْنَ اِحْدَى عَشَرَةَ مَرَّةً وَلِكُلِّ شَيْءٍ قَلْبٌ وَقَلْبُ الْقُرْاَْنِ يٰس
Hartosna: "Saha-saha jalma anu maca surat yasin mangka dihampura dosana, jeung saha-saha jalma anu maca surat yasin kana kadaharan anu sieun heunteu mahi mangka dicukupkeun, jeung saha-saha jalma anu maca surat yasin ka anu sakaratul maot mangka digampangkeun, jeung saha-saha jalma anu maca surat yasin ka anu hese ngajuru mangka dibabarikeun, jeung saha-saha jalma anu maca surat yasin sabalikan mangka ganjarannana saperti maca Qur'an sabelas balikan, sareng sadayana perkara aya hatena, ari hatena Qur'an nyaeta surat yasin".

No comments:

Post a Comment