18/03/2016

Padilah Surat Yasin (2)



PADILAH SURAT YASIN (2)

1.      Hadist Ibnu Najar ti Abu Bakar Sidiq, Parantos nyarios ieu ieu Abu Bakar:
قَالَ رَسُوْلُ اللّهِ صَلى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمِ مَنْ زَارَقَبْرَوَلِدَيْهِاَوْاَحَدِهِمَافِى كُلِّ جُمْعَةٍ فَقَرَأَ عِنْدَهُمَا يٰس غَفَرَاللّهُ لَهُ
بِعَدَدِ كُلِّ حَرْفٍ مِنْهَاز
Hartosna:"Saha-saha jalma anu jarah kana kubur indung bapana atawa kasalahsahijina indung bapa dina unggal jum'ah mangka tuluy maca surat yasin dina deukeuteunana mangka ngahampura Alloh Ta'ala kalawan lobana sabingbilangan hiji-hijina hurup tina surat yasin.

2.      Hadist sa'id bin Mansur sareng Baihaqi ti Hasan Bin Atiyah:
أَنَّ رَسُوْلُ اللّٰهِ صَلَّ اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ سُوْرَةُ يٰس تُدْعٰى فِى التَّوْرَاةِ الْمُعِمَّةُ تَعُمُّ صَاحِبَهَا بِخَيْرِالدُّنْيَا
وَالاَخِرَةِ وَتُكَابِدُ عَنْهُ بَلْوَى الدُّنْيَا وَالاَخِرَةِ وَتَدْفَعُ عَنْهُ اَهَاوِيْلَ الدُّنْيَا وَالاَخِرَةِ وَتُدْعَى الْمُدَافِعَةُ الْقَاضِيَةُ
تَدْفَعُ عَنْ صَاحِبِهَا كُلَّ سُوْءٍ وَتَقْضِى لَهُ كُلَّ حَاجَةٍ مَنْ قَرَأَهَا عَدَلَتْ لَهُ عِشْرِيْنَ حَجَّةً وَمَنْ سَمِعَهَا عَدَلَتْ
لَهُ اَلْفَ دِيْنَارٍ فِى سَبِيْلِ اللّٰهِ مَنْ كَتَبَهَا ثُمَّ شَرِبَهَا اَدْخَلَتْ جَوْفَهُ اَلْفَ دَوَاءٍ وَاَلْفَ نُوْرٍ وَاَلْفَ يَقِيْنٍ وَاَلْفَ بَرَكَةٍ
وَاَلْفَ رَحْمَةٍ وَنَزَعَتْ عَنْهُ كُلَّ غِلٍّ وَدَاءٍز
Hartosna: "Saenya-enyana Rosululloh SAWparantos ngandika kieu: ari Surat Yasin eta disebutna dina kitab tauret surat muimmah, sabab sok ngumumkeun kanu macana ku kahadean dunya akherat jeung sok ngajauhkeun kanu macana tina balai dunya akheratjeung sok nolak pakewuh dunya akherat sareng disebat surat panolak anu mutuskeun sabab sok nolak tinu macana sadayana kagorengansareng sok ngahasilkeun  kana pangabutuh saha-saha jalma anu maca surat yasinmangka ngabandingan ganjaranana kana ganjaran dua puluh munggah haji sareng saha-saha jalma anu ngadangukeun kanu macana mangka ngabandingan ganjaranana kana ganjaran shodaqoh duit sarebu dinar dina sabilillah sareng saha-saha jalma anu nulis surat yasin teras dileueut mangka ngalebetkeun kana patuangannasarebu tambasareng sarebu nur sareng sarebu kayakinan sareng sarebu kaberkahan sareng sarebu rahmatsareng ngilangkeun ti eta jalmasarebu kagorengan hate sareng sarebu panyakit.

3.      Hadist baidhowi sareng ti Ibnu Abbas, saenya-enyana Kangjeng nabi Muhammad SAW parantos ngadawuh:
اَيُّمَا مُسْلِمٍ قُرِئَ عِنْدَهُ اِذَا نَزَلَ بِهِ مَلَكَ الْمَوْتِ سُوْرَةُ يٰس نَزَلَ بِكُلِّ حَرْفٍ مِنْهَا عَشَرَةُ اَمْلاَكٍ يَقُوْمُوْنَ بَيْنَ
يَدَيْهِ صُفُوْفًا يُصَلُّوْنَ عَلَيْهِ وَيَشْهَدُوْنَ غَسْلَهُ وَيَتْبَعُوْنَ جَنَازَتَهُ وَيُصَلُّوْنَ عَلَيْهِ وَيَشْهَدُوْنَ دَفْنَهُ ز
Hartosna: "Heunteu aya jalma islam lalaki awewe anu keur kaayaan sakaratul maot dipangmacakeun surat yasin mangka tarurun malaikat lobana sabingbilangan hurup surat yasin hiji-hijina hurup sapuluh malaikat ngaradeug kalawan ngajajar ngalingkungan kamanehna bari ngadaru'a pangnyuhunkeun hampura kamanehna sareng nyaraksian ngadusanana sareng ngariringkeun kana janazahna malah nyarolatkeun sarta nyaraksian kana nguburna".

No comments:

Post a Comment