LIRIK KAWIH
TANAH
SUNDA
Tanah Sunda gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang sunda sawawa
Sing tiweksa perceka
Nyangga dharma anu nyata
Seuweu Pajajaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
memang sawajibna
Geten titen
rumawat tanah pusaka
Titen kana harta banda
Mo kaduhung waktu jaga
Anu lian moal bisa
Ngatur ngolah jeung ngariksa
Gembleng sauyunan
Singkil babarengan
Ngangkat darajat
Ki Sunda
Sundakukuh kuat
diraksa dirumat
Pasti jembar
wibawa Indonesia
No comments:
Post a Comment