20/05/2016

Cerita Bahasa Sunda Hayang Jadi Guru



CARITA SUNDA
HAYANG JADI GURU

                Wasta abdi teh Neneng. Rorompok dilembur. Parenahna pisan di Kampung Sukamaju. Mamah janten guru SD di lembur. Kitu deui bapa janten guru di SMP. Iwal ti dinten Ahad, unggal dinten Mamah angkat kasakola. Abdi oge kasakola sok sareng Mamah. Bapa angkat kasakolana sok kana motor. Bapa mah ka sakolana rada tebih di kota kacamatan. Unggal enjing sok ngabonceng Aa da sasakola sareng Bapa di SMP.
                Resep ningali Mamah sareng Bapa angkat ka sakola. Saur rerencangan mah Mamah teh raoseun ngawulangna.Rerencangan mah raresepeun pisan. Kitu deui Bapa, saur rerencangan Aa raoseun ngawulangna. Da Bapa oge dipikaresep ku murid-muridna. Bapa mah seeur bukuna. Buku Bapa dirorompok aya sababaraha erak.
                Saban dinten Bapa sok katinggal maos buku. Malah sok nyerat. Saurnamah sok dikintunkeun kana majalah atanapi koran. Abdi oge sok kabita hoyong maca buku. Abdi oge hoyong nyerat sajak, teras dikintunkeun kana majalah. Saur Bapa, di SMP mah ngalanggan majalah basa Sunda, naminateh majalang Mangle. Saur Bapa deui, upami abdi nyerat sajak tiasa dikintunkeun ka eta majalah. Jaba ti sajak, tiasa oge saurna teh nyerat carita pondok.
                Bapa sareng Mamah mulihna sok siang wae. Abdi mah tabuh 12.00 oge tos dirorompok. Ku kituna, abdi sareng rerencangan sok mindeng kempel di rorompok.
                Katinggalna Bapa sareng Mamah mah didamelna heunteu cape. Bangun nu bungah wae. Tabuh duaan oge Mamah sareng Bapa mah tos marulih.
                Abdi upami tos tamat SD, hoyong neraskeun ka SMP, teras ka SMA. Tidinya mah teras kuliah. Abdi teh gaduh cita-cita hoyong janten guru sapertos Mamah sareng Bapa.
                Kantos sasanggem ka Mamah sareng Bapayen abdi hoyong janten guru. Saur Mamah sareng Bapa teh sae cita-cita teh neraskeun Bapa sareng Mamah. Terasna deui, upami abdi hoyong janten guru, saurna kedah getol diajar sareng capetang. Pan saurna guru mah kedah tiasa nyarios payuneun murid-murid. Kitu saur Mamah sareng Bapa teh.
                Waktos nuju ngariung bari tuang, Aa nyanggem alim janten guru, ku Bapa sareng Mamah ditaros, hoyong janten naon? Waleran Aa teh saurna hoyong janten Dokter. Bade janten nanaon oge Mamah sareng Bapa mah ngaduakeun. Anu penting mah boh abdi boh Aa kedah getol diajar, sakola sing jucung, ulah seueur melid.

No comments:

Post a Comment