TANAH PASUNDAN
Aduh waas tur kelar
Gunung parentul ngajajar
Aduh sawah ngaremplang
Parahiyangan kasawang
Beunghar kawentar Parahyangan
Subur kamashur tanah Pasundan
Rahayat ti hothat usaha teu kendat
Sangkan pinanggih karaharjaan
Aduh tanah pasundan
Subur geusan pepelakan
Hayu urang leukeunan
Ngolah tanah sauyunan
Aduh tanah pusaka
Pusaka Indonesia
Hayu sangkan
raharja
Perlu diraksa
diriksa
Tanah nu ngoblog
di pakarangan
Perlu digarap keur
tutuwuhan
Melak palawija
diatur sampurna
Ngemploh paselang
heunteu kembangan
Aduh tanah Pasundan
Hejo ngeploh
tutuwuhan
Aduh karaharjaan
Hasil karya babarengan
No comments:
Post a Comment