20/06/2016

ANAK ADAM, NADHOM SUNDA



NADOM ANAK ADAM

1.      Anak adam anjeun didunya ngumbara
Umur anjeun didunya teh moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting dicontangan

2.      Anak adam anjeun paeh teh nyorangan
Cul anak cul salaki cul babareungan
Anak adam paeh euweuh anu dibawa
Ngan asiwung jeung boeh anu dibawa

3.      Anak adam pasaran teh lolongseran
Saban poe saban peuting gegeroan
Anak adam anjeun kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran nugeunah

4.      Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
Rup kupadung rap kuleumah abdi sieun
Anak adam dikubur teh leuwih poek
Nu nyaangan di kubur teh maca qur’an

5.      Anak adam paeh anjeun ditakonan
Malaikat munkar nakir nu nakonan
Anak adam mun teu bisa ngawalonan
Ka malaikat nu dua nu nakonan

6.      Anak adam tangtu keuna eta gendir
Paneunggeulna malaikat munkar nakir
anak adam lamun amal urang alus
eta tangtu dikubur teh leuwih mulus

7.      Anak adam sing garetol maca Qur’an
Pidamareun dikubur teh maca Qur’an
Anak adam kaluar ti alam barjah
Waktuna teh dina saba’da kiyamah

8.      Nyaeta dina tiupan anu kadua
Nu dingaranan paniup baats tea
Anak adam urang sanggeus dihirupan
Tuluy di giring kana tempat lan daratan

9.      Pirang-pirang aleutan nu rupa-rupa
Sakumaha waktuna hirupna didunya
Anak adam aya anu rupa bagong
Waktu hirup didunnyana teh bedegong

10.  Anak adam waktu anjeun keur ditimbang
Mun beurat kakencatangtu kana jungkeurang
Kitu deui lamun beurat kakatuhu
Eta meunang kabungahan anu tangtu

11.  Dulur-dulur abdi sakieu wasiat
Pamugi ieu nadhoman janten hikmah
Anak adam ari maot eta lawang
Sakabehna jalma-jalma pada nyorang

12.  Anak adam ari maot teh inuman
Sakur-sakur jalma pada ngaraosan
Anak adam dawuh alloh maneh dijieun
taya liyan pikeun ibadah lakonan

13.  Anak adam maneh ulahkatungkuleun
kana dunya sabab bakal ditinggalkeun
anak adam maneh ngalakonan dosa
saha anu nyalametkeun tina siksa

14.  Maneh lamun ngarep-ngarep rohmat kami
Kudu pisan neuteupan bakti kami
Reujeung maneh mun sieun tina siksaan
Eta kudu tina doraka jauhan

15.  Reujeung manehsok era ku pada jalma
Heunteu sieun ku Alloh sakama-kama
Anak adam ulah poho kana maot
Karena ari maot ka anjeun pogot

16.  Geuning maneh ayeuna keur mapay jalan
Tangtu anjeun neupi kana panungtungan
Anak adam pek pigawe amal hade
Karena anu jadi konci surga engke

17.   Reujeung tinggalkeun sagala kagorengan
Sabab jadi konci naraka siksaan
Anak adam gedong nu didunya
Nu ku anjeun dijieun direka-reka

18.  Pasti pisan ku anjeun teh ditinggalkeun
Jadi ka anjeun matak nganalangsakeun
Anjeun pindah ti dunya ka pakuburan
Dina pakuburan tangtu disampakeun

19.  Mun boga amal sholih tangtu bungah
Lamun mawa dosa tangtu ge susah
Pakuburan mungguh ka jalma nu sholih
Ka sebutkeun raudhotun minal jannah

20.  Hartosna teh patamanan surga
Mungguh kanu doraka ruang naraka
Anak adam ari nu ngawungkul dunya
Tangtu hirupna didunya hayang lila

21.  Ari jalma nu resep ka akherat
Di dunyana tangtu sono kana maot
Ieu nadom pepeling rejeng wasiat
Nu kadua rek disambung deui mapat

22.  Anak adam anjeun kudu daek tobat
Karena tobat jadi konci ibadah
Lamun jalma heunteu ngalakonan tobat
Moal bageur ka Alloh migawe thoat

23.  Ari ngarah bisa thobat kudu di pikat
Nyaeta ku loba eling kana maot
Anak adam urang ulah kajongjonan
Hirup di dunya ku ngurus kadunyaan

24.  Masing eling kana banggana hisaban
Di akherat komo mun nyorang siksaan
Jeung elingkeun kana siksa pakuburan
Kanu boga dosa heunteu di tobatan

25.  Saha jalma anu daek tobat
Eta tangtu di akheratna salamet
Reujeung tangtu moal salah pangbalikan
Nyaeta kasurga teumpat pangbalikan

26.  Sing kasebut kebo mulih pakandangan
Baheula urang didunya kadudukan
Mun teu kitu tangtu balikna balikna kasarung
Katempat siksaan tangtu kaduhung

27.  Duh Alloh saha nu eling ka kami
Sarta dibarengan ibadah ka kami
Tangtu  kami miasih ka etajalma
Jeung dirahmat ku kami didama-dama

28.  Nu eling ka kami bari doraka
Ku kami dibendu asup ka naraka
Perak geura bakti kakami reujeung tinggal
Tina sakabeh dosa bari tawekal

29.  Anak adam anjeun geura babahanan
Pikeun balik nyaeta amal-amalan
Dunnya anjeun geura hutangkeun ka Alloh
Ku rupa sideukah reujeung amal jariah

30.  Reujeung ikhlas di barengan rgidho manah
Supaya ditarima ku gusti Alloh
Engke ka tampa ku anjeun di akherat
Bayaran ti gusti Alloh mang lipat-lipat

31.  Kani’mata sawarga  salawasna
Moal enggeus moal aya tungtungna
Saha-saha anu tobat jeung ibadah
Di asupkeun kana surga leuwih bungah

32.  Anak adam anu ngora meungpeung ngora
Perak ibadah supaya untung pohara
Komo nu geus kolot masing tambah pogot
Sabab bakal tereh nyorang kana maot

33.  Tapi kade bisi heunteu boga ilmu
Jadi lapur ibadah moal tineumu
Ilmu nu tilu perkara masing bisa
Masing ngarti ulah make asa-asa

34.  Hiji ilmu tauhid nu kaduana
Ilmu pikih tashowup nu katiluna
Ilmu tauhid nu mimpin patekadan
Ilmu pikih ngajaga ibadah badan

35.  Ilmu tashowup pikeun ibadah ati
Pikeun mereskeun sakabeh pangabakti
Anak adam ieu aya paneurangan
Pikeun pedoman ciri bakal kabagjaan

36.  Didunnya jeung akherat sakabehna
Sabelas perkara anu kahijina
Jalma anu kana dunya heunteu pogot
Resep ka akherat sabab bakal maot

37.  Dua teguh ibadah jeung maca qur’an
Tilu tara loba omong pangangguran
Opat kacida ngaraksa kana sholat
Anu pardhu reujeung anu sunat-sunat

38.  Lima jalma apik dina sandang pangan
Barang-barang anu haram sok disingkahan
Kagenepna osok daek sosobatan
Reujeung anu soleh silih asihan

39.  Tujuh handap asor tara gumuluhur
Heunteu kumagungan heunteu ngarasa luhung
Kadalapan kurijkina sok berehan
Kanu pakir kanu miskin karunyaan

40.  Kasalapan ka makhluk-makhluk mikanyaah
Sok nyieun ka mangfaatan jeung paidah
Sapuluh ka batur-batur mere bungah
Kanu kasusahan sok milu susah

41.  Ka sabelas loba eling kana maot
Sabab urang tina maot moal lepot
Lalawanan nu sabelas eta ciri
Bakal cilaka tumerap kana diri

42.  Anak adam dawuh nabi saha jalma
Anu tungtungna omongan nu utama
Kaluar ti dunnya nu ucapannana
La ilaha illalloh eunggeus tangtu

43.  Asup kana surga anu moal salah
Dulur-dulur mugi pisan ulah gaplah
Masing loba macana eta kalimah
Mugi urang sing khusnul khotimah

44.  Reujeung deui sing loba maca sholawat
Ka kangjeng nabi nu kagungan syafaat
Karena ari loba maca sholawat
Matak nepi kana makomul ma’rifat

45.  Reujeung matak jadi du’a di ijabah
Ku Alloh nu kagungan shifat rohmah
Anak adam ayeuna keur maju jalan
Sarerea ngaburu kana weukasan

46.  Jalan eta ayana duwa perkara
Jalan kana bagja jeung kana cilaka
Jalan bagja kalakuan ka islaman
Cilaka mah kalakuan kakufuran

47.  Didunya jeung diakherat alad dawam
Mugi urang tetep dina agama islam
Amin amin amin
Ya robbal almin

48.  Anak adam dawuhan Alloh ta’ala
Hadist qudsi anu pertela tur nyata
Nu hartosna dawuhan teh mun teu salah
Ari maot teh nu mukakeun rasiah

49.  Anak adam nyakitu deui kiyamah
Poe nu nembongkeun sagala rasiah
Nu di jieun rasiah mungguh manusa
Dosa ka Alloh anu kawasa

50.  Anak adam tulisan anu mukakeun
Rasiah anu ku orang di sarumputkeun
Tulisan nu dibuat malaikat
Rokib atid duwanana anu quwat

51.  Anak adam ulah osok mokahaan
Kana dosa anu leutik ngalakonan
Ulah ningali kana leutikna eta dosa
Sing paos dat nu kawasa jeung nyiksa

52.  Anak adam ari dosa leutik eta
Mun teu geuwat di tobatan osok menta
Kana wani ngalakonan dosa gede
Tobatan ku anjeun masing hade-hade

53.  Anak adam mun teu geuwat di tobatan
Sok narik kufur jeung goreng weukasan
Abdi sadayana nyuhunkeun diraksa
Ka dzat Alloh nu murba nu wisesa

54.  Anak adam anjeung kudu sing rumasa
Didamel ku dzat Alloh anu kawasa
Tuluy ku Alloh dipasihan amanah
Poma pisan anjeun ulah rek khianat

55.  Anak adam panon anjeun kudu diraksa
Tina ningali nu matak jadi dosa
Nyakitu deui pangambung reujeung cangkem
Kudua jaga saban poe saban maleum

56.  Anak adam sampean kudu leumpangkeun
Kana tempat pangajian ngarungukeun
Ceupil anggo nangkeup kana panerangan
Panangan anu dianggo tutulisan

57.  Anak adam ieu pepeling cantumkeun
Dina embun-embunan di pageuhkeun
Simpen dina qolbu masing ati-ati
Malah mandar tambah harti reujeung surti

58.  Sim kuring neuja rek nuluykeun pepeling
Bari muntang ka dzat tunggal ngagiring
Anak adam sakabeh bakal di giring
Ku Alloh kana tempatna masing-masing

59.  Kareuna dina eta poe qiyamah
Makhluk teh  ngan dua peunteun moal salah
Sapeunteun ju jadi ahli sawarga
Nu sapeunteun ahli naraka dijaga

60.  Anak adam nu iman islam ka Alloh
Anu geus ka asup kana perjanjian Alloh
Didawuhkeun ieu janji tina qur’an
Nu hartosna mun teu salah ngamanaan

61.  Digiringkeun jalma-jalma ka pangeran
Ngadeuheus di sawarga berhadeupan
Malah tatkalana daratang ka surga
Terus pintu dibukaan kunu jaga
62.  Lajeung di sambut ku malaikat ridwan
Diriwayatkeun ku Alloh dina qur;an
Nya eta samun alaikum kawitna
Tibtum padkhuluha kholidina teurasna

63.  Anak adam gholibna di alam dunnya
Mun panganten di sawer di mulya-mulya
Dawuhan ti Alloh nu tadi tea
ibarat panyawer panganten mulya

64.  Anak adam nu cilaka doraka
Digiringkeun ku Alloh kana naraka
Nyaeta nu jadi panganten kadua
Nu paehna imanna heunteu ka bawa

65.  Sanggeus daratang kanaraka sakabegna
Tuluy di bukaan sakabeh pintuna
Anak adam di weweleh ku enjaga
Jeuneungan malaikat malik nu tohaga

66.  Nu geus didawuhkeun ku Alloh ayatna
Dina qur’an nu geus dibantun simbulna
Ari maraneh kabeh pangna disiksa
Sabab teu nurut ka rosul nu ngaraksa

67.  Didunnya geus di ajak tauhid ka Alloh
Jeung ibadah batan nurut kalah mangloh
Tah eta tempat anjeun teh naraka
Siksa Alloh ku anjeun nu teu kasangka






1 comment:

  1. Punten kang, dimana abdi tiasa mendakan Nadhom nu aslina nu nganggo bahasa arab sunda? Haturnuhun

    ReplyDelete