PUPUJIAN
SORA BEDUG
Tah Sora
Bedug, batur
Tanda Geus
magrib
Geus nitah
reureuh ulin
Ngajak ka
masjid
Beulah kulon
hibar layung
Ngajak muji ka Yang Agung
RUPA-RUPA CAI NU BISA DIPAKE SUSUCI
Dupi
sadayana cai
Nu sok
dianggo susuci
Eta aya
tujuh rupi
Walungan anu
kahiji
Cai laut
kaduana
Cai sumur
katiluna
Cai ibun
kaopatna
Cai es nu
kalimana
Cai nyusu
kagenepna
Cai hujan
katujuhna
Eta cai
sadayana
Sok dianggo susicina
RIWAYAT KANGJENG NABI
Nabi urang
sarerea
Kangjeng
Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab Qures
nya bangsana
Ibuna Siti
Aminah
Ramana Sayid
Abdulloh
Dibabarkeunna
di Mekah
Wengi Senen
taun Gajah
Ari bilangan
taunna
Limaratus
cariosna
Tujuh puluh
panambahna
Sareng
sahiji punjulna
Medal Nabi
akhir jaman
Pisan-pisan
kanehan
Sesembahan
bangsa syetan
Kabeh pada
arucutan
PUPUJIAN
PEPELING
Eling-eling
dulur kabeh
Ibadah ulah
campoleh
Beurang
peuting ulah weleh
Bisina
kaburu paeh
Teu bias
nyingkahan pati
Sabab urang
bakal mati
Nyawa
dipundut ku gusti
Najan Raja
nyakrawati
Tara ngalakukeun
solat
Nyerina
kaliwat-liwat
Karasana
keur sakarat
Kana ibadah
diliwat
Mugi rohmar
salamina
Nun Gusti
abdi sadaya
Sareng ka
kulawargina
Ngocor ka
Nabi anu mulya
Kitu deui
sahabatna
Sareng
muslimin muslimat
Anu
sami-sami taat
Anu ngabela
agama
No comments:
Post a Comment