NADOM ANAK ADAM
1. Anak
adam anjeun didunya ngumbara
Umur anjeun didunya teh
moal lila
Anak adam umur anjeun
teh ngurangan
Saban poe saban peuting
dicontangan
2. Anak
adam anjeun paeh teh nyorangan
Cul anak cul salaki cul
babareungan
Anak adam paeh euweuh
anu dibawa
Ngan asiwung jeung boeh
anu dibawa
3. Anak
adam pasaran teh lolongseran
Saban poe saban peuting
gegeroan
Anak adam anjeun kaluar
ti imah
Digarotong dina pasaran
nugeunah
4. Aduh
bapa aduh ibu abdi keueung
Rup kupadung rap
kuleumah abdi sieun
Anak adam dikubur teh
leuwih poek
Nu nyaangan di kubur
teh maca qur’an
5. Anak
adam paeh anjeun ditakonan
Malaikat munkar nakir
nu nakonan
Anak adam mun teu bisa
ngawalonan
Ka malaikat nu dua nu
nakonan
6. Anak
adam tangtu keuna eta gendir
Paneunggeulna malaikat
munkar nakir
anak adam lamun amal
urang alus
eta tangtu dikubur teh
leuwih mulus
7. Anak
adam sing garetol maca Qur’an
Pidamareun dikubur teh
maca Qur’an
Anak adam kaluar ti
alam barjah
Waktuna teh dina
saba’da kiyamah
8. Nyaeta
dina tiupan anu kadua
Nu dingaranan paniup
baats tea
Anak adam urang
sanggeus dihirupan
Tuluy di giring kana
tempat lan daratan
9. Pirang-pirang
aleutan nu rupa-rupa
Sakumaha waktuna
hirupna didunya
Anak adam aya anu rupa
bagong
Waktu hirup didunnyana
teh bedegong
10. Anak
adam waktu anjeun keur ditimbang
Mun beurat
kakencatangtu kana jungkeurang
Kitu deui lamun beurat
kakatuhu
Eta meunang kabungahan
anu tangtu
11. Dulur-dulur
abdi sakieu wasiat
Pamugi ieu nadhoman
janten hikmah
Anak adam ari maot eta
lawang
Sakabehna jalma-jalma
pada nyorang
12. Anak
adam ari maot teh inuman
Sakur-sakur jalma pada
ngaraosan
Anak adam dawuh alloh
maneh dijieun
taya liyan pikeun
ibadah lakonan
13. Anak
adam maneh ulahkatungkuleun
kana dunya sabab bakal
ditinggalkeun
anak adam maneh
ngalakonan dosa
saha anu nyalametkeun
tina siksa
14. Maneh
lamun ngarep-ngarep rohmat kami
Kudu pisan neuteupan
bakti kami
Reujeung maneh mun
sieun tina siksaan
Eta kudu tina doraka
jauhan
15. Reujeung
manehsok era ku pada jalma
Heunteu sieun ku Alloh
sakama-kama
Anak adam ulah poho
kana maot
Karena ari maot ka
anjeun pogot
16. Geuning
maneh ayeuna keur mapay jalan
Tangtu anjeun neupi
kana panungtungan
Anak adam pek pigawe
amal hade
Karena anu jadi konci
surga engke
17. Reujeung tinggalkeun sagala kagorengan
Sabab jadi konci naraka
siksaan
Anak adam gedong nu
didunya
Nu ku anjeun dijieun
direka-reka
18. Pasti
pisan ku anjeun teh ditinggalkeun
Jadi ka anjeun matak
nganalangsakeun
Anjeun pindah ti dunya
ka pakuburan
Dina pakuburan tangtu
disampakeun
19. Mun
boga amal sholih tangtu bungah
Lamun mawa dosa tangtu
ge susah
Pakuburan mungguh ka
jalma nu sholih
Ka sebutkeun raudhotun
minal jannah
20. Hartosna
teh patamanan surga
Mungguh kanu doraka
ruang naraka
Anak adam ari nu
ngawungkul dunya
Tangtu hirupna didunya
hayang lila
21. Ari
jalma nu resep ka akherat
Di dunyana tangtu sono
kana maot
Ieu nadom pepeling
rejeng wasiat
Nu kadua rek disambung
deui mapat
22. Anak
adam anjeun kudu daek tobat
Karena tobat jadi konci
ibadah
Lamun jalma heunteu
ngalakonan tobat
Moal bageur ka Alloh
migawe thoat
23. Ari
ngarah bisa thobat kudu di pikat
Nyaeta ku loba eling
kana maot
Anak adam urang ulah
kajongjonan
Hirup di dunya ku
ngurus kadunyaan
24. Masing
eling kana banggana hisaban
Di akherat komo mun
nyorang siksaan
Jeung elingkeun kana
siksa pakuburan
Kanu boga dosa heunteu
di tobatan
25. Saha
jalma anu daek tobat
Eta tangtu di akheratna
salamet
Reujeung tangtu moal
salah pangbalikan
Nyaeta kasurga teumpat
pangbalikan
26. Sing
kasebut kebo mulih pakandangan
Baheula urang didunya
kadudukan
Mun teu kitu tangtu
balikna balikna kasarung
Katempat siksaan tangtu
kaduhung
27. Duh
Alloh saha nu eling ka kami
Sarta dibarengan ibadah
ka kami
Tangtu kami miasih ka etajalma
Jeung dirahmat ku kami
didama-dama
28. Nu
eling ka kami bari doraka
Ku kami dibendu asup ka
naraka
Perak geura bakti
kakami reujeung tinggal
Tina sakabeh dosa bari
tawekal
29. Anak
adam anjeun geura babahanan
Pikeun balik nyaeta
amal-amalan
Dunnya anjeun geura
hutangkeun ka Alloh
Ku rupa sideukah
reujeung amal jariah
30. Reujeung
ikhlas di barengan rgidho manah
Supaya ditarima ku
gusti Alloh
Engke ka tampa ku
anjeun di akherat
Bayaran ti gusti Alloh
mang lipat-lipat
31. Kani’mata
sawarga salawasna
Moal enggeus moal aya
tungtungna
Saha-saha anu tobat
jeung ibadah
Di asupkeun kana surga
leuwih bungah
32. Anak
adam anu ngora meungpeung ngora
Perak ibadah supaya
untung pohara
Komo nu geus kolot
masing tambah pogot
Sabab bakal tereh
nyorang kana maot
33. Tapi
kade bisi heunteu boga ilmu
Jadi lapur ibadah moal
tineumu
Ilmu nu tilu perkara
masing bisa
Masing ngarti ulah make
asa-asa
34. Hiji
ilmu tauhid nu kaduana
Ilmu pikih tashowup nu
katiluna
Ilmu tauhid nu mimpin
patekadan
Ilmu pikih ngajaga
ibadah badan
35. Ilmu
tashowup pikeun ibadah ati
Pikeun mereskeun
sakabeh pangabakti
Anak adam ieu aya
paneurangan
Pikeun pedoman ciri
bakal kabagjaan
36. Didunnya
jeung akherat sakabehna
Sabelas perkara anu
kahijina
Jalma anu kana dunya
heunteu pogot
Resep ka akherat sabab
bakal maot
37. Dua
teguh ibadah jeung maca qur’an
Tilu tara loba omong
pangangguran
Opat kacida ngaraksa
kana sholat
Anu pardhu reujeung anu
sunat-sunat
38. Lima
jalma apik dina sandang pangan
Barang-barang anu haram
sok disingkahan
Kagenepna osok daek
sosobatan
Reujeung anu soleh
silih asihan
39. Tujuh
handap asor tara gumuluhur
Heunteu kumagungan
heunteu ngarasa luhung
Kadalapan kurijkina sok
berehan
Kanu pakir kanu miskin
karunyaan
40. Kasalapan
ka makhluk-makhluk mikanyaah
Sok nyieun ka
mangfaatan jeung paidah
Sapuluh ka batur-batur
mere bungah
Kanu kasusahan sok milu
susah
41. Ka
sabelas loba eling kana maot
Sabab urang tina maot
moal lepot
Lalawanan nu sabelas
eta ciri
Bakal cilaka tumerap
kana diri
42. Anak
adam dawuh nabi saha jalma
Anu tungtungna omongan
nu utama
Kaluar ti dunnya nu
ucapannana
La ilaha illalloh
eunggeus tangtu
43. Asup
kana surga anu moal salah
Dulur-dulur mugi pisan
ulah gaplah
Masing loba macana eta
kalimah
Mugi urang sing khusnul
khotimah
44. Reujeung
deui sing loba maca sholawat
Ka kangjeng nabi nu
kagungan syafaat
Karena ari loba maca
sholawat
Matak nepi kana makomul
ma’rifat
45. Reujeung
matak jadi du’a di ijabah
Ku Alloh nu kagungan
shifat rohmah
Anak adam ayeuna keur
maju jalan
Sarerea ngaburu kana
weukasan
46. Jalan
eta ayana duwa perkara
Jalan kana bagja jeung
kana cilaka
Jalan bagja kalakuan ka
islaman
Cilaka mah kalakuan
kakufuran
47. Didunya
jeung diakherat alad dawam
Mugi urang tetep dina
agama islam
Amin amin amin
Ya robbal almin
48. Anak
adam dawuhan Alloh ta’ala
Hadist qudsi anu
pertela tur nyata
Nu hartosna dawuhan teh
mun teu salah
Ari maot teh nu
mukakeun rasiah
49. Anak
adam nyakitu deui kiyamah
Poe nu nembongkeun
sagala rasiah
Nu di jieun rasiah
mungguh manusa
Dosa ka Alloh anu
kawasa
50. Anak
adam tulisan anu mukakeun
Rasiah anu ku orang di
sarumputkeun
Tulisan nu dibuat
malaikat
Rokib atid duwanana anu
quwat
51. Anak
adam ulah osok mokahaan
Kana dosa anu leutik
ngalakonan
Ulah ningali kana
leutikna eta dosa
Sing paos dat nu kawasa
jeung nyiksa
52. Anak
adam ari dosa leutik eta
Mun teu geuwat di
tobatan osok menta
Kana wani ngalakonan
dosa gede
Tobatan ku anjeun
masing hade-hade
53. Anak
adam mun teu geuwat di tobatan
Sok narik kufur jeung
goreng weukasan
Abdi sadayana
nyuhunkeun diraksa
Ka dzat Alloh nu murba
nu wisesa
54. Anak
adam anjeung kudu sing rumasa
Didamel ku dzat Alloh
anu kawasa
Tuluy ku Alloh
dipasihan amanah
Poma pisan anjeun ulah
rek khianat
55. Anak
adam panon anjeun kudu diraksa
Tina ningali nu matak
jadi dosa
Nyakitu deui pangambung
reujeung cangkem
Kudua jaga saban poe
saban maleum
56. Anak
adam sampean kudu leumpangkeun
Kana tempat pangajian
ngarungukeun
Ceupil anggo nangkeup
kana panerangan
Panangan anu dianggo
tutulisan
57. Anak
adam ieu pepeling cantumkeun
Dina embun-embunan di
pageuhkeun
Simpen dina qolbu
masing ati-ati
Malah mandar tambah
harti reujeung surti
58. Sim
kuring neuja rek nuluykeun pepeling
Bari muntang ka dzat
tunggal ngagiring
Anak adam sakabeh bakal
di giring
Ku Alloh kana tempatna masing-masing
59. Kareuna
dina eta poe qiyamah
Makhluk teh ngan dua peunteun moal salah
Sapeunteun ju jadi ahli
sawarga
Nu sapeunteun ahli
naraka dijaga
60. Anak
adam nu iman islam ka Alloh
Anu geus ka asup kana
perjanjian Alloh
Didawuhkeun ieu janji
tina qur’an
Nu hartosna mun teu
salah ngamanaan
61. Digiringkeun
jalma-jalma ka pangeran
Ngadeuheus di sawarga
berhadeupan
Malah tatkalana
daratang ka surga
Terus pintu dibukaan
kunu jaga
62. Lajeung
di sambut ku malaikat ridwan
Diriwayatkeun ku Alloh
dina qur;an
Nya eta samun alaikum
kawitna
Tibtum padkhuluha
kholidina teurasna
63. Anak
adam gholibna di alam dunnya
Mun panganten di sawer
di mulya-mulya
Dawuhan ti Alloh nu
tadi tea
ibarat panyawer
panganten mulya
64. Anak
adam nu cilaka doraka
Digiringkeun ku Alloh
kana naraka
Nyaeta nu jadi
panganten kadua
Nu paehna imanna
heunteu ka bawa
65. Sanggeus
daratang kanaraka sakabegna
Tuluy di bukaan sakabeh
pintuna
Anak adam di weweleh ku
enjaga
Jeuneungan malaikat
malik nu tohaga
66. Nu
geus didawuhkeun ku Alloh ayatna
Dina qur’an nu geus
dibantun simbulna
Ari maraneh kabeh
pangna disiksa
Sabab teu nurut ka
rosul nu ngaraksa
67. Didunnya
geus di ajak tauhid ka Alloh
Jeung ibadah batan
nurut kalah mangloh
Tah eta tempat anjeun
teh naraka
Siksa Alloh ku anjeun
nu teu kasangka